Rabu, 02 Maret 2016

Mantra Sunda

Mantra

Mantra sunda

Mantra nya éta karya sastra wangun puisi nu dianggap miboga kakuatan gaib tur henteu bisa dipaké sagawayah. Kecap mantra asalna tina basa Sansekerta nu hartina jampé-jampé; ucapan nu ngandung kakuatan goib .

Papasingan Mantra

Ditilik tina eusina mantra dibagi jadi genep rupa nya éta jangjawokan, asihan, jampé, ajian, singlar, jeung rajah

Jangjawokan[édit | édit sumber]

Jangjawokan dipapatkeun upama rék milampah hiji pagawéan, anu dipalar sangkan kahontal hasilna, tur anu ngalampahkeunana aya dina karahayuan [2] . Upamana di mana rék turun, leumpang, diuk, nangtung, midang, nganjang, masamoan, keupat, seuri, ngadeuleu, nyiuk béas, ngisikan, dahar, nginum, nyeupah, jeung sajabana [2].

JANGJAWOKAN DIPUPUR
Pupur aing pupur panyambur
Panyambur panyangling rupa
Nylain rupa ti déwata
Nyalin sari ti widadari
Nya tarang lancar mentrangan
Nya halis katumbirian
Nya irung kuwung-kuwungan
Dideuleu ti hareup sieup
Disawang ti tukang lenjang
Ditilik ti gigir lenggik
Mangka welas mangsa asih ka nu dipupur
Diténjo ku saider buana kabéh [1] [2] .

Asihan[édit | édit sumber]

Asihan atawa pélét dipapatkeun pikeun ngawasa sukma nu lian, anu dipikacinta, sangkan bogoheun jeung sangkan anu mapatkeun éta asihan pinunjul kakasépanana atawa kageulisanana, nepi ka saréréa padaasih, padanyaah, padaresep, upamana awéwé ku lalaki atawa lalaki ku awéwé, ku atasan, atawa ku dunungan [2].
ASIHAN SI BURUNG PUNDUNG
Asihan kuring si burung pundung
maung pundung datang amum
badak galak datang depa
oray laki datang numpi
burung pundung burung cidra ku karunya
malik welas malik asih ka awaking [1] [2].

Ajian[édit | édit sumber]

Ajian dipapatkeun pikeun ngadatangkeun kakuatan, kabedasan, meunang karahayuan jiwa, raga jeung pakaya, gedé kawani, ludeungan, henteu keuna ku rupa-rupa balai jeung wisaya, bedas, awét ngora [2].
AJIAN KABEDASAN
Dampal suku ngabatu datar
Bitis ngabatu wilis
Nyurup ka badanna
Nyurup ka sungsumna
Getih sabadan
Bedas ngala ka aki [1] [2].

Singlar[édit | édit sumber]

Singlar dipapatkeun pikeun nyinglar atawa nyingkahkeun hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-siluman jeung sajabana, nyinglar jurigkuntilanaklelembut, anu sakirana sok ngagangu ka manusa [2].

SINGLAR KA MUSUH
Curulung cai ti manggung
Barabat ti awang-awang
Cai tiis tanpa bisi
Mun deuk nyatru ka si itu
Mun deuk hala ka si éta
Anaking palias teuing [1] [2].

Jampé[édit | édit sumber]

Jampé biasana dipapatkeun pikeun ngubaran atawa ngaleungitkeun kasakit, kanyeri, kacilakaan, sangkan cageur [2]. Upamana baé lamun kabeureuyan, dicoco kala, katerap kasakit puru rawit, jéngkoleun [2].
Jampe Ngarah Calakan
Bismillah
Otak éncér lir paser jamparing
Panon seukeut lir panon heulang
Haté ngagebray caang lir srangéngé
Biwir matuh saciduh metu saucap nyata
Bray paningal pinuh ninditu ka awaking [2]

Rajah[édit | édit sumber]

Rajah biasana dipapatkeun pikeun kasalametan, henteu kakeunaan ku hal-hal anu teu dipikahayang. [1] [2] Baheula mah rajah sok dipaké paranti ari ngambah tempat nu sanget, rék muka pihumaeun, nyieun babakan, rék nyicingan hiji tempat, rék migawé kai pibahaneun, nalukkeun silumansiluman, nulak gawé anu jail, paranti ari ngaruat, paranti ari caah atawa hujan, paranti pamunah impian goréng, dijauhkeun tina gangguan ruparupa dedemit jeung siluman[2]
RAJAH CITRA KASUNYIAN
Hong citra kasunyian
Hong citra kasundulan
Jleg bumi
Jleg manusa
Jleg sétan
Manusa wisésa
Sétan sampurna
Sampurna kersaning Alloh
Asahadu Alla Illaha Ilalloh
Waashadu Anna Muhammadar Rasululloh