Rabu, 13 April 2016

Pupuh unsur jeung ciri

pupuh sunda

1. Pupuh Asmarandana
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun rasa kadeudeuh, kaasih sareng kanyaah
PIWURUK SEPUH
Laras Salendro
Pupuh Asmarandana
Ngariung di tengah bumi
Pun biang sareng Pun Bapa
Jisim Abdi diuk mando
Husu ngupingkeun pituah
Piwejang ti anjeunna
Pituduh laku rahayu
Piwejang sangkan Waluya
Guru Wilangan/ Guru Lagu
81, 8a, 8o/e, 8i/a, 7i/a, 8u, 8a
Padalisan: 7
2. Pupuh Balakbak
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun heureuy atanapi banyol tapi bari sopan
DAYEUH BANDUNG
Laras Madenda
Pupuh Balakbak
Dayeuh Bandung kiwari teuing ku rame, araheng
Gedong-gedong pajangkung-jangkung wangunna, alagreng
Tutumakan-tutumpakan balawiri lalar-liwat, garandeng
Guru wilangan/ Guru lagu:
12+3e, 12+3e, 12+3e
Padalisan: 3
3. Pupuh Dangdanggula
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun kabungahan sareng kasugemaan
MILANG KALA
Laras Mataraman
Pupuh Dangdanggula
Dinten ieu estu bingah ati
Ku jalaran panceg milang kala
Kenging kurnia ti Alloh
Rehing nambihan umur
Tepung taun umur sim Abdi
Heunteu weleh neneda
Ka Gusti nu Agung
Malar umur teh mangpa’at
Tebih bahla turta pinarinan rijki
Sumujud ka Pangeran
Guru Wilangan/ Guru Lagu:
10i, 10a, 8e/o, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a
Padalisan 10
4. Pupuh Durma
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun nu gede harepan
LEMAH CAI
Laras Pelog
Pupuh Durma
Nagri urang katelah Indonesia
Di riksa tur di jaring
Sumirat komarana
Berkahna Pancasila
Ageman eusining nagri
Yu sauyunan
Ngawangun lemah cai
Guru wilangan/ Guru lagu:
12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i
Padalisan: 7
5. Pupuh Gambuh
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun kanyeri, kasusah, kasedih
KADUHUNG
Laras Pelog
Pupuh Gambuh
Kaduhung sagede gunung
Kuring sakola teu jucung
Lalawora resep ulin
Hanjakal tara ti heula
Ayeuna kari peurihna
Guru wilangan/ Guru lagu:
8u, 8u, 8i, 7a, 8a/u, 8a/0
Padalisan: 5
6. Pupuh Gurisa
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung
SI KABAYAN
Laras Salendro
Pupuh Gurisa
Si Kabayan lalamunan
Pangrasa bisa nyetiran
Motor atawana sedan
Poho keur eundeuk-eundeukan
Na dahan emplad-empladan
Gujubar kana susukan
Guru wilangan/ Guru lagu:
8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, (+8a, 8a)
Padalisan: 6 atawa 8
7. Pupuh Juru Demung
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun bingung ku kalakuan sorangan
ADIGUNG
Laras Pelog
Pupuh Juru Demung
Lolobana mungguh jalma
Embung hina hayang agung
(Embung hina hayang agung)
Hayang hirup mukti
(Hayang hirup)
(Hayang hirup mukti)
Tapina embung tarekah
Tinangtu mo bakal nanjung
Guru wilangan/ Guru lagu:
8a, 8u, 6i, 8a, 8u
Padalisan: 5
8. Pupuh Kinanti
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun nungguan bari pinuh pangharepan sareng kanyaah
KANYAAH INDUNG
Laras Salendro
Pupuh Kinanti
Kanyaah indung mo suwung
Lir jaladri tanpa tepi
Lir gunung tanpa tutugan
Asihna teuing ku wening
Putra teh di dama dama
Di anggo pupunden ati
Guru wilangan/ Guru lagu:
8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i
Padalisan: 6
9. Pupuh Ladrang
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran
MOKAHAAN
Laras Pelog
Pupuh Ladrang
Aya hiji anak bangkong leutik
Mokahaan
Maksudna ngelehkeun sapi
Nahan nafas antukna bitu beuteungna
Guru wilangan/ Guru lagu:
10i, 4a, 8i, 12a
Padalisan: 4

10. Pupuh Lambang
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana
WAWANGSALAN
Laras
Pupuh Lambang
Dialajar wawangsalan,
saperti tatarucingan,
Cik naon atuh maksudna,
teangan naon wangsalna,
gedong ngambang di sagara,
Ulah kapalang diajar,
keuyeup gede di lautan,
kapitineung salawasna
Guru Wilangan/ Guru Lagu
Padalisan:

11. Pupuh Magatru
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan
KASAR-LEMES
Laras
Pupuh Magatru
Dupi irung lemesna teh nya pangambung,
Pipi mah disebat damis,
Upami buuk mah rambut,
Ceuli sok disebat cepil,
Kasarna angkeut mah gado
Guru Wilangan/ Guru Lagu
Padalisan:

12. Pupuh Maskumambang
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes hate
BUDAK HARAK
Laras Pelog
Pupuh Maskumambang
Anak manuk dikatepel budak harak
Jangjangna geutihan
Rek hiber teu bisa usik
Duh manusa kaniaya
Guru wilangan/ Guru lagu:
12i, 6a, 8i, 8a
Padalisan: 4

13. Pupuh Mijil
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun kasedih tapi bari gede harepan
NUNGTUT ELMU
Laras
Pupuh Mijil
Najan cicing nya di tepiswiring,
kade ulah bodo,
Kudu tetep nungtut elmu bae,
sabab jalma nu loba pangarti,
Hirup tangtu hurip,
mulus tur rahayu
Guru Wilangan/ Guru Lagu
Padalisan:

14. Pupuh Pangkur
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat
KA SAKOLA
Laras
Pupuh Pangkur
Seja miang ka sakola,
rek diajar nambahan elmu pangarti,
pigeusaneun bekel hirup,
sabab mungguhing manusa,
kudu pinter beunghar ku elmu panemu,
komo jaman pangwangunan,
urang kudu singkil bakti
Guru wilangan/ Guru lagu:
Padalisan:

15. Pupuh Pucung
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju hate
TATAKRAMA
Laras
Pupuh Pucung
Mangka inget tatakrama sopan santun,
tanda jalma iman,
Nyarita jeung amis budi,
da basa mah lain barang anu mahal
Guru wilangan/ Guru lagu:
Padalisan:

16. Pupuh Sinom
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh sumanget
TATAR SUNDA
Laras Madenda
Pupuh Sinom
Tatar Sunda estu endah,
lemah cai awit jadi,
sarakan asal gumelar,
amanat Ilahi Robbi,
titipan nini aki,
wajib dijaga dijungjung,
basa katut budayana,
padumukna luhung budi,
insya-Allah tatar Sunda karta harja
Guru wilangan/ Guru lagu:
8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a
Padalisan: 9

17. Pupuh Wirangrong
Watek Pupuh:
Ngagambarkeun nu kawiwirangan, era ku polah sorangan
SIEUN DORAKA
Laras Madenda
Pupuh Wirangrong
Kuring moal deui-deui,
Gaduh panata nu awon,
Ngabantah nu jadi indung,
Sieun dibendon ku Gusti,
Kawas Dalem Boncel tea,
Doraka ti ibu rama

0 komentar:

Posting Komentar